Senin, 06 Juni 2011

PAPATAH HIRUP

Kidung Sasadu Papalaku

  • Awitan puji Nu Agung, didastakeun ka Ilahi,
ka Alloh Nu Maha Endah,
nu ngupah ngapeh pibatin.
rehing ku widi Mantenna,
rengse nganggit ngahariring.
  • Hariring awak satangtung, birahi ti awit lahir,
cuang-cieung ngan sorangan, sorangeun diri pribadi,
sajorelat kingkilaban,
citangis ti Ahli Bait.
  • Munajat ka Maha Agung,
di Baitulloh pribadi,
Baitulloh saamparna,
saliring-liring dumadi,
sajagat sagorombyangan,
jerit pibatin birahi.
  • Kasinaran layung ngempur, dumeling ti Imam Ali,
ti Kumail Ibnu Ziyad,
mugi kersa wening galih,
diteda setra pangrasa,
reh disanggi ku sim kuring.
  • Diwangun mangrupi lagu,  Papatet anu maranti,
sidik indung Tembang Sunda, Papatet patokan diri,
papayeun nu ngahaleuang, haleuang Rawayan Jati.
  • Rum arum mitra sadarum,
anu wening ngahariring, mapatkeun tembang Sang Nyawa, nyawa sakuring-sakuring,
mugia kenging nugraha,
puji pibatin ditampi.
  • Kabirahian nu hirup,
sugrining anu kumelip,
hayang mulang ka sungapan,
ti suci mulih ka suci,
congo nyurup di puhu-Na,

WILUJENG SUMPING

Wilujeng Sumping! Mangga linggih di wéb anu sederhana ieu. Wéb ieu didamel pikeun nyokong basa sunda.Haturan kabaraya sadayana.. mangga kaleubeut ieu BLOG ngahaja didamel maksadna kanggo kumpul-kumpul, tempat cumarita, curhat, bagi-bagi elmu pengetahuan, babanyolan, kasenian sareng nu sanesna,  mung sanaos kitu ieu forum t erbuka kanggo umum (sadayana urang sunda) saha wae anu seja ilu biung sareng ngabagi pengetahuan dina sagala bidang (berbagi elmu adalah amal yang terbaik dan menjadikan amal ibadah) kumargi kitu mangga kasadayana baraya sunda dimana bae ayana (seluruh dunia) hayu urang bersatu padu, urang nembongkeun yen urang sunda teh aya sareng tembongkeun yen urang sunda oge bisa.. ngarah tiasa berbagi
da gratis ieuh